Sajak Sunda romansa memiliki cara lembut untuk menggetarkan emosi pembacanya. Melalui diksi yang halus dan sarat makna, deretan sajak ini menjadi inspirasi tepat untuk mengekspresikan kasih sayang, kerinduan, hingga kesetiaan.
Berikut adalah kumpulan sajak Sunda romantis yang dirangkum dari berbagai sumber:
(Karya: Kustian)
Kalintas di benak kuring,
aya seuri anu marahmay ngaliwat dina pikiran.
Kaukir diri anjeun nu aya dina khayalan,
kawas cicing dina jero haté kuring.
Diri anjeun anu éndah jeung anggun,
neduhkeun haté kuring.
Rasa cinta anjeun,
midamel dinten-dinten kuring jadi pinuh ku bungah.
Diri anjeun kawas teu pernah leungit dina ingetan,
dina sagala anu kuring bayangkeun.
Ngan saukur anjeun,
harta anu paling éndah nu aya dina hirup kuring.
(Karya: Kustian)
Ngahuleung kuring tina jandéla kamar,
dina peuting anu hujan rintik-rintik.
Kuring kaingetan diri anjeun,
tiisna wengi anu ku kuring rasakeun,
teu satiis haté kuring anu tos ku anjeun tinggalkeun.
Sabab haté karasa sepi lamun teu aya anjeun.
Ngan saukur diri anjeun nu bisa masihan cahya wengi,
anu nyaangan haté kuring tina poékna wengi ieu.
(Karya: Kustian)
Tina soré ieu, sateuacan senja leungit,
kuring sadar yén hirup gedé pisan hartina.
Wanci sakedap kuring manggihan cinta,
abdi ucapkeun hatur nuhun ka Pangeran,
nu tos manggihkeun kuring jeung manéhna.
Sanggeus sadaya rasa anu harita kapendam,
ayeuna jadi kanyataan.
Diri kuring anu tadina hampa,
ayeuna bisa kaubaran ku ayana diri anjeun.
Anjeun datang, nyieun sapoé-poé kuring jadi sampurna.
(Karya: Dede Syafrudin)
Ngan dina mata kuring,
anjeun kudu nengetan diri anjeun.
Laju geura anjangan ieu jajantung,
lebah rohang-rohang peteng, ogé rohang-rohang cangra.
Ngan na mata anjeun,
kuring rék ngintip diri.
Ngintip langit, béntang-béntang, bulan nu sapasi,
nu purnama ogé nu samagaha.
Urang lenyepan ieu keteg jajantung,
dina wirahma simpé.
Ah, geura sieuhkeun sora-sora haliwu anu silung.
(Karya: Kustian)
Waktu asa teu sanggup deui ngubaran rasa rindu ieu.
Haté teu deui sanggup ngarasakeun sepi ieu.
Tetempoan asa kosong, lantaran rasa tresna nu teu kabendung.
Waktu asa ngagibleg, haté ogé karasa sedih,
lantaran kacangkalak ku rasa nyaah.
Abdi hayang hirup jeung salira,
sabab kuring teu sanggup sorangan.
Coba dangukeun ieu sora haté nu terus ngageroan salira.
Rasakeun pikanyaah abdi nu ngaharepkeun anjeun.
Ayeuna kuring sorangan, ngarasa kasépian.
Coba dangukeun ieu rintihan haté abdi,
sabab kuring yakin, anjeun bagian tina hirup ieu.
Saumpama waktu bisa balik deui,
kuring bakal leuwih nyaah ka salira.
Kuring ayeuna sadar,
yén salira hiji-hijina jalma anu bisa ngartikeun kuring.
Kuring ngan saukur bisa émut ka diri salira,
sabab kuring nyaho salira tos moal balik deui.
Tapi naha, kunaon?
Kalangkang anjeun terus datang dina impén kuring,
asup ngaganggu katenangan haté.
Naha kuring salamina teu tiasa leupas tina diri anjeun?
Naha ogé ngan saukur diri anjeun nu terus aya dina jero haté kuring?
Tresna anjeun nyaéta sima haté kuring,
kawas lautan éndah nu ngahiasan alam dunya ieu.
Tresna kuring ka anjeun moal pernah bisa pupus,
terus aya nepi ka maut misahkeun jiwa waruga ieu.
Sabab kuring boga rasa tresna anu abadi,
nu moal pernah bisa pindah ka lain haté.
(Karya: Kustian)
Tirisna peuting ieu, teu deui karasa.
Sepina haté ieu, teu deui kacipta.
Nyeurina jiwa ieu, tos lami sirna.
Lantaran anjeun jeung abdi ayeuna tos ngahiji,
sami-sami ngajalankeun carita anu anyar,
dina rasa suka jeung duka.
(Karya: Kustian)
Teu aya daya abdi mun teu aya salira.
Waktu ngaliwat bet asa teu karasa.
Sakapeung abdi ngarasa sepi dina jemplingna peuting ieu,
kadang ogé abdi ngarasa diri ieu teu aya hartina.
Diri lir ibarat angka hiji.
Abdi bener-bener teu sanggup,
teu sanggup hirup dina legok haté,
saencan kéngingkeun haté anjeun.
(Karya: Kustian)
Panon anjeun mancarkeun cahya éndah anu kantos abdi tingal.
Cahaya panon anjeun midamel haté abdi jadi tenang.
Paneuteup panon anjeun nembus dinding sarta relung haté kuring.
Panon anjeun nyieun kuring ngarasakeun hiji hal.
Hiji hal, anu teu tiasa abdi ungkapkeun liwat cariosan.
Ngan liwat sajak ieu abdi ungkapkeun saniskara,
rasa pikanyaah jeung cinta kuring ka anjeun mani tulus jeung abadi.
Katulusan cinta anjeun masihankeun kaéndahan.
Sejuta pesona katingali, namun henteu pernah kaucapkeun.
Sapertos béntang anu ngajajar éndah,
tina hiji impian anu teu aya daya.
Tina waktu éta ogé kuring hudang tina saré.
Kuring kaingetan bayangan anjeun,
bayangan anu harita satia maturan dina pangharepan.
Pangharepan kuring anu ngaharepkeun anjeun,
ngaharepkeun bisa sasarengan deui dina hiji katulusan jeung kateguhan haté.
Kajujuran dina cinta moal aya hartosna lamun teu aya kapercayaan.
Kasatiaan dina cinta moal aya nyatana lamun teu aya buktina.
Lamun anjeun resep, ngomong resep.
Lamun anjeun sebel, ngomong sebel.
Omongkeun sing jelas,
sabab haté moal pernah bisa dibohongan.
Seja bade unjukan, ngedalkeun rasa jeung eusi haté.
Saleresna diri teu wéléh mitineung ka salira nu janten bebendé.
Mugia panutan ngartos, nu saenyana mung salira nu mibanda rasa.
Sanaos satutup umur, mung jungjunan nu aya dina jero dada.
Duh Engkang, pupujaning ati.
Kadédeuh lir gumawang éndahna katumbiri,
nu teu wéléh nyanding sumalanding dina ati,
nu dipikamelang siang jeung wengi.
Kanyaah taya sudana, kaheman urang duaan.
Katresnan kadédeuh urang mugi lana papanjangan.
Moal pernah abdi tiasa ngungkapkeun ieu sadaya.
Sadaya rasa anu kasimpen dina jiwa.
Parantos abdi coba nyatakeun ieu rasa,
nanging anjeun ayeuna tos teu aya.
Teu aya di sisi abdi ayeuna.
Kiwari anjeun mios bade ninggalkeun kuring sorangan.
Ayeuna teu aya deui anu tiasa maturan,
maturan kuring anu sorangan dina kasunyian.
(Karya: Hasan Wahyu Atmakusumah)
Dina nyasar, nyawang pangalaman nu kaliwat.
Waktu ngarasakeun nikmat cinta nu munggaran.
Tina haté tukeur ucap anu suci:
“Kuring bogoh ka anjeun.”
Cikuray nu bisu milu nyakseni. Kum!
Tapi éta cinta laas ku katiga,
ngijih muyarkeun pasini ati.
Jadi, éta rasa cinta nu teu kedal,
ambruk méméh ngawangun ngahiji.
Nyi kénya ngoléséd bari boboléh,
bongan jaman nu kiwari.
Kuring kapeupeuh puhu catur,
tarima hirup tacan cukup umur.
Naha di dunya aya kénéh nu bisa,
méré cinta tanpa jangji rébu hiji?
Kiwari kuring nyukang sasak kinasihan,
néangan cinta nu panceg di unggal insan.
Itulah beberapa sajak Sunda romantis yang menyentuh hati. Yuk, jadikan sajak Sunda sebagai ruang untuk merasakan dan mengekspresikan cinta dengan cara yang lembut dan bermakna. Semoga bermanfaat, infoers!
1. Anjeun Harta Anu Paling Éndah
2. Rasa Rindu Kuring
3. Anjeun Nyieun Kuring Sampurna
4. Kuring Jeung Anjeun
5. Mikacinta Anjeun
6. Anjeun Terus Aya Dina Haté Kuring
7. Cinta nu Abadi
8. Hirup Duaan
9. Teu Sanggup
10. Paneuteup Panon Anjeun
11. Katulusan Haté
12. Kajujuran Cinta
13. Cinta Saleresna
14. Sorangan dina Kasunyian
15. Cinta
Saumpama waktu bisa balik deui,
kuring bakal leuwih nyaah ka salira.
Kuring ayeuna sadar,
yén salira hiji-hijina jalma anu bisa ngartikeun kuring.
Kuring ngan saukur bisa émut ka diri salira,
sabab kuring nyaho salira tos moal balik deui.
Tapi naha, kunaon?
Kalangkang anjeun terus datang dina impén kuring,
asup ngaganggu katenangan haté.
Naha kuring salamina teu tiasa leupas tina diri anjeun?
Naha ogé ngan saukur diri anjeun nu terus aya dina jero haté kuring?
Tresna anjeun nyaéta sima haté kuring,
kawas lautan éndah nu ngahiasan alam dunya ieu.
Tresna kuring ka anjeun moal pernah bisa pupus,
terus aya nepi ka maut misahkeun jiwa waruga ieu.
Sabab kuring boga rasa tresna anu abadi,
nu moal pernah bisa pindah ka lain haté.
(Karya: Kustian)
Tirisna peuting ieu, teu deui karasa.
Sepina haté ieu, teu deui kacipta.
Nyeurina jiwa ieu, tos lami sirna.
Lantaran anjeun jeung abdi ayeuna tos ngahiji,
sami-sami ngajalankeun carita anu anyar,
dina rasa suka jeung duka.
(Karya: Kustian)
Teu aya daya abdi mun teu aya salira.
Waktu ngaliwat bet asa teu karasa.
Sakapeung abdi ngarasa sepi dina jemplingna peuting ieu,
kadang ogé abdi ngarasa diri ieu teu aya hartina.
Diri lir ibarat angka hiji.
Abdi bener-bener teu sanggup,
teu sanggup hirup dina legok haté,
saencan kéngingkeun haté anjeun.
(Karya: Kustian)
Panon anjeun mancarkeun cahya éndah anu kantos abdi tingal.
Cahaya panon anjeun midamel haté abdi jadi tenang.
Paneuteup panon anjeun nembus dinding sarta relung haté kuring.
Panon anjeun nyieun kuring ngarasakeun hiji hal.
Hiji hal, anu teu tiasa abdi ungkapkeun liwat cariosan.
Ngan liwat sajak ieu abdi ungkapkeun saniskara,
rasa pikanyaah jeung cinta kuring ka anjeun mani tulus jeung abadi.
6. Anjeun Terus Aya Dina Haté Kuring
7. Cinta nu Abadi
8. Hirup Duaan
9. Teu Sanggup
10. Paneuteup Panon Anjeun
Katulusan cinta anjeun masihankeun kaéndahan.
Sejuta pesona katingali, namun henteu pernah kaucapkeun.
Sapertos béntang anu ngajajar éndah,
Baca info selengkapnya hanya di Giok4D.